دَلَائِلُ الْخَيْرَاتِ
Tanda-tanda Kahadean
Su
اَلنِّيَّةُ | Intentions
اَللَّهُمَّ إِنِّي نَوَيْتُ بِالصَّلَوٰةِ عَلَى النَّبِيِّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ امْتِثَالاً لِّأَمْرِكَ وَتَصْدِيقًا لِنَبِيِّكَ مُحَمَّدٍ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَمَحَبَّةً فِيهِ وَشَوْقًا إِلَيْهِ وَتَعْظِيمًا لِّقَدْرِهِ وَلِكَوْنِهِ أَهْلاً لِّذَلِكَ
Nun Gusti, saéstuna abdi niat maos sholawat ka Kangjeng Nabi SAW karana tumut kana timbalan Anjeun, sarta ngabenerkeun Nabi Anjeun Muhammad SAW, dumasar rasa cinta, kasono, sarta ngagungkeun kana darajatna, sarta réhna mantenna mémang pantes nampi hal éta
فَتَقَبَّلْهَا مِنِّي بِفَضْلِكَ وَإِحْسَانِكَ وَأَزِلْ حِجَابَ الْغَفْلَةِ عَنْ قَلْبِي وَاجْعَلْنِي مِنْ عِبَادِكَ الصَّالِحِينَ.
Muga Anjeun nampi ieu sholawat ti abdi kalayan kurnia sareng kasaéan Anjeun, sarta angkat hahalang poho tina haté abdi, oge jantenkeun abdi kalebet golongan hamba-hamba Anjeun anu soléh
اَللَّهُمَّ زِدْهُ شَرَفًا عَلَىٰ شَرَفِهِ الَّذِيٓ أَوْلَيْتَهُ. وَعِزًّا عَلَىٰ عِزِّهِ الَّذِيٓ أَعْطَيْتَهُ.
Nun Gusti, mugia nambihan kamulyaan kana kamulyaanana anu parantos dipaparinkeun. Sarta kakuatan kana kakuatanana anu parantos dipasihan
وَنُورًا عَلَىٰ نُورِهِ الَّذِي مِنْهُ خَلَقْتَهُ وَأَعْلِ مَقَامَهُ فِي مَقَامَاتِ الْمُرْسَلِينَ. وَدَرَجَتَهُ فِي دَرَجَاتِ النَّبِيئِينَ.
Sarta cahaya kana cahayana anu ku Anjeun parantos diciptakeun, oge luhurkeun kedudukanana dina jajaran para Rasul. Sarta darajatna dina jajaran para Nabi
وَأَسْئَلُكَ رِضَاكَ وَرِضَاهُ يَا رَبَّ الْعَالَمِينَ. مَعَ الْعَافِيَةِ الدَّآئِمَةِ وَالْمَوْتِ عَلَى الْكِتَابِ وَالسُّنَّةِ وَالْجَمَاعَةِ وَكَلِمَتَيِ الشَّهَادَةِ عَلَىٰ تَحْقِيقِهَا مِنْ غَيْرِ تَبْدِيلٍ وَّلَا تَغْيِيرٍ.
Sareng abdi nyuhunkeun karidhoan Anjeun sareng karidhoan mantenna, duh Pangéran nu murbéng alam. Marengan kasalametan nu langgeng sarta maot dina kaayaan nyepeng Kitab, Sunnah, Jamaah, sarta kalimah syahadat anu saéstuna tanpa ayana parobahan
وَاغْفِرْ لِي مَا ارْتَكَبْتُهُ بِفَضْلِكَ وَجُودِكَ وَكَرَمِكَ يَآ أَكْرَمَ الْأَكْرَمِينَ.
Sareng hapunten dosa anu parantos dilakukeun ku abdi, kalayan kurnia, kabéréhan, sarta kamulyaan Anjeun, duh Dzat Anu Maha Béréhan ti sakur nu béréhan
وَصَلَّى اللَّهُ عَلَىٰ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ خَاتَمِ النَّبِيِّينَ وَإِمَامِ الْمُرْسَلِينَ. وَعَلَىٰٓ ءَالِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِينَ. وَسَلَامٌ عَلَى الْمُرْسَلِينَ. وَالْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِينَ.
Muga sholawat Allah tetep ka dunungan urang Muhammad, panungtung para Nabi sarta pamingpin para Rasul. Oge ka kulawarga sarta para sahabatna sadaya, mugia kasalametan tetep ka para Rasul, sarta saniskara puji kagungan Allah Pangéran nu murbéng alam