بَحِبَّك وَ بَرِيْدَك
Bogoh sarta Sono ka Anjeun
Su
Su
بَحِبَّك وَ بَرِيْدَك
وَاتْمَنَّى أَبُوس إِيدَك
Sim kuring mikacinta sarta mikasono ka salira
Hoyong pisan ngambung panangan salira anu mulya
خَدَّامَك وَمُرِيدَك
يَا جَدَّ الْحَسَنَيْن
Sim kuring téh badéga sarta murid salira
Duh éyangna al-Hasanayn
حَبِيْبِي مُحَمَّد
مَفِيشْ زَيُّه اتْنِين
Muhammad kakasih sim kuring
Teu aya deui anu sami sareng mantenna
حُبُّه سَاكِن قَلْبِي
يَزِيد كُلِّ اتْنَيْنِ
Asihna nyicingan jeroeun haté sim kuring
Beuki nambah dina unggal mangsa
جَمَالُه وَ دَلَالُه
مِتْغَطِي بْجَلَالُه
Kasép sarta kaélokanana
Kalingkup ku kaagunganana
وَتِقْعُد قْبَالُه
تُشُوفْهُم الِاتْنَيْن
Nalika salira calik di payuneunana
Bakal katingal éta duanana
بَحِبَّك وَ بَرِيْدَك
وَاتْمَنَّى أَبُوس إِيدَك
Sim kuring mikacinta sarta mikasono ka salira
Hoyong pisan ngambung panangan salira anu mulya
خَدَّامَك وَمُرِيدَك
يَا جَدَّ الْحَسَنَيْن
Sim kuring téh badéga sarta murid salira
Duh éyangna al-Hasanayn
يَا أَجْمَل هَدِيَّة
مِنْ رَبِّ الْبَرِيَّة
Duh kado anu pangéndahna
Ti Gusti Nu Maha Nyipta
لِكُلِّ الدُّنْيَا دِيَّا
يَا جَدَّ الْحَسَنَيْن
Pikeun sakuliah alam dunya ieu
Duh éyangna al-Hasanayn
مَاهْوِنْتَ قَمَرْهَا
وَانْتَ اللِّي مُنَوِرْهَا
Salira téh rembulanana dunya
Salira anu nyaanganana
وَمْفَتَاح اسَرَارْهَا
يَا جَدَّ الْحَسَنَيْن
Sarta konci pikeun rasiah-rasiahna
Duh éyangna al-Hasanayn
بَحِبَّك وَ بَرِيْدَك
وَاتْمَنَّى أَبُوس إِيدَك
Sim kuring mikacinta sarta mikasono ka salira
Hoyong pisan ngambung panangan salira anu mulya
خَدَّامَك وَمُرِيدَك
يَا جَدَّ الْحَسَنَيْن
Sim kuring téh badéga sarta murid salira
Duh éyangna al-Hasanayn
حَبِيبِي وَعْنَيَّا
أَحْمَد ضَيّ عْنَيَّا
Kakasih sarta panon sim kuring
Ahmad téh cahaya titingalan sim kuring
أَنْتَ الْغَالِي عَلَيَّا
يَا جَدَّ الْحَسَنَيْن
Salira anu pangmulyana mungguh sim kuring
Duh éyangna al-Hasanayn
وَبِنْتَك الْبَتُول
يَا عُيُونَ الرَّسُول
Sareng putra salira anu suci al-Batul
Duh panyépah soca Rasul
نَرْجُو مِنْكُم قَبُول
يَا جَدَّ الْحَسَنَيْن
Mugia aya pangangken ti salira
Duh éyangna al-Hasanayn
بَحِبَّك وَ بَرِيْدَك
وَاتْمَنَّى أَبُوس إِيدَك
Sim kuring mikacinta sarta mikasono ka salira
Hoyong pisan ngambung panangan salira anu mulya
خَدَّامَك وَمُرِيدَك
يَا جَدَّ الْحَسَنَيْن
Sim kuring téh badéga sarta murid salira
Duh éyangna al-Hasanayn
شُوفْتُه أَنِي قُصَادِي
اتْكَسَفْت أَنَادِي
Nalika sim kuring ningal mantenna di payuneun
Sim kuring rumaos isin badé nyambat
وِبْقَلْبِي سُهَادِي يَا جَدِّي
يَا جَدَّ الْحَسَنَيْن
Sedeng haté nuju teu tibra ku kasono
Duh éyang, duh éyangna al-Hasanayn
يِنْدَهْلِي وَاجِيلُه
يِفْرِشْلِي مَنْدِيلُه
Mantenna nyauran sarta sim kuring nyampeurkeun
Mantenna ngamparkeun sorban panglingkupna
حَبِيبِي أَنَادِيلُه
يَا جَدَّ الْحَسَنَيْن
Kakasih sim kuring, sim kuring nyambat ka mantenna
Duh éyangna al-Hasanayn