صَفَتِ النَّظْرَهْ
Wening Paningal
Su
صَفَتِ النَّظْرَهْ طَابَتِ الْحَضْرَةْ
جَاءَتِ الْبُشْرَى لِأَهْل اللهِ
Hérang panénjo, nikmat éta pajamuan
Datang béja gumbira pikeun para ahli Allah
قَامُوْا سُكَارَى لِذِي الْبِشَارَه
جَعْلَوْا عِمَارَهْ شُكْراً لِلّهِ
Nangtung lir nu mabok ku sabab ayana béja
Ngayakeun dzikir jama’i tanda syukur ka Allah
أَيُّهَا الْحَاضِرْ اُذْكُرْ وَذَاكِرْ
إِيَّاكَ تُنْكِرْ حَالَ أَهْلِ اللهِ
Hé anjeun nu hadir, émut tur geura ngingetkeun
Ulah pisan nampik kana kaayaan ahli Allah
فَسَلِّمْ لَهُمْ فِيمَا عَرَاهُمْ
وَاعْلَمْ أَنَّهُمْ غَابُوْا فِي اللهِ
Pasrahkeun ka maranéhna dina naon nu tumiba
Poma kanyahokeun yén maranéhna geus musna di Allah
فَالْوَجْدُ بِهِمْ دَاعِيْ يَدْعِيْهِمْ
يَطْرَأْ عَلَيْهِمْ فِيْ ذِكْرِ اللهِ
Sabab rasa rindu téh panggero nu ngageroan
Nu datang nyampeurkeun nalika dzikir ka Allah
وَمَنْ لَمْ يَجِدْ فَلْيَتَوَاجَدْ
قَصْداً يَتَعَرَّضْ لِفَضْلِ اللهِ
Sing saha nu can manggih, poma usaha néangan
Seja ngalantarankeun diri kana kurnia Allah
هَكَذَا قَالُوْا وَلِذَا مَالَوْا
وَلَقَدْ غَالُوْا فِي ذِكْرِ اللهِ
Kitu maranéhna ngucap, nu matak awak ngageboy
Saéstuna maranéhna geus teterusan dina dzikir ka Allah
حَتَّى قَدْ ظَنَّا مَنْ لَيْسَ مِنَّا
أَنَّا جُنِنَّا بِذِكْرِاللهِ
Nepi ka jalma nu lain ti golongan urang nyangka
Yén saéstuna urang geus owah ku dzikir ka Allah
هَنِيْئاً لَنَا ثُمَّ بُشْرَانَا
إِنْ كَانَ لَنَا حُمْقٌ فِي اللهِ
Bagja keur urang sarta béja bungah keur urang
Lamun téa mah urang téh gelo karana Allah