أَلْفٍ صَلَّى الله عَلَى زَيْنِ الْوُجُودْ
Serebu Sholawat Allah ka Pangéndahna Ayana
Su
أَلْفٍ صَلَّى الله عَلَى زَيْنِ الْوُجُودْ
مَنْ سَكَنْ طَيْبَة وَخَيَّمْ في زَرُودْ
Saréwu solawat Allah ka nu pangéndahna di alam dunya
Nu linggih di Toibah sarta masang ténda di Zarud
يَا بُدُورَ الْحَيِّ يَا رَبْعَ الْكِرَامْ
بَلِّغُو ظَبْيَ الْحِمَى مِنِّي السَّلَامْ
Wahai bulan-bulan purnama di lembur, wahai pamatuhan jalma mulya
Tepikeun salam sim kuring ka uncal di tanah suci
إِنْ تَهَتَكْنَا عَلَيْكُمْ لَا نُلَامْ
غَلَبَ الْوَجْدُ عَلَيْنَا وَ الْغَرَامْ
Upami sim kuring teu tiasa nahan diri karana anjeun, ulah dicawad
Sabab rasa rindu sarta kaasih geus ngawasa ka diri
لَا يَنَامُ اللَّيْلَ عَاشِقْ مُسْتَهَامْ
إِنَّمَا النَّومُ عَلَى الْعَاشِقْ حَرَامْ
Nu keur kasmaran sarta rindu kacida moal kulem di waktu peuting
Sabab saenyana kulem téh haram pikeun jalma nu keur kasmaran
سَادَتِي إِنْ لَمْ تَحِنُّو بِاللِّقَا
مِتُّ وَجْدًا فَلَكُمْ طُولُ الْبَقَاء
Nun gusti-gusti sim kuring, upami teu maparinan asih ku patepang
Tangtu sim kuring maot ku rindu, sarta pikeun anjeun mah kalanggengan
أَنَا إِنْ لَمْ أَهْوَا غِزْلَانَ النَّقَاء
أَيُّ فَرْقٍ بَيْنَ قَلْبِي وَ الْجَمَادْ
Saupama sim kuring teu micinta uncal-uncal di pasir nu suci
Naon bédana antara manah sim kuring jeung barang paéh
آنَسَ اللهُ بِكُمْ أَوْقَاتَنَا
وَسَقَى وَادِيكُمُ فَيْضَ الْغَمَامْ
Mugia Allah ngabagjakeun waktu-waktu sim kuring karana anjeun
Sarta mugia cai ti mega nyébor lamping pamatuhan anjeun