يَا جَمَالَ النَّبِيِّ يَا حَنَانَ النَّبِيِ
O Beauty of the Prophet, O Compassion of the Prophet
Su
يَا جَمَالَ النَّبِيِّ
يَا حَنَانَ النَّبِيِ
Duh éndahna kangjeng Nabi
Duh asihna kangjeng Nabi
وَاللَّهِ الْعَظِيمِ يَا نَاسُ
مَا لِينَا غَيْرُ النَّبِيِ
Demi Allah Nu Maha Agung duh manusa
Teu aya deui keur urang lian ti Nabi
مَا لِينَا غَيْرُهْ هُوَ
سَاكِن فِي الْقَلْبِ جُوَّة
Teu aya deui keur urang lian ti manten-Na
Mantenna linggih di jeroeun haté
دَهْ حَبِيبي وَرُوحُي هُوَ
وَضَمَّنِي سَيِّدُنَا النَّبِي
Mantenna kakasih jeung nyawa kuring
Jeung nangtayungan kuring, jungjunan urang Nabi
مَا لِينَا غَيْرُهُ ثانِي
طَرْفُهْ أَكْحَلُ رَبَّانِي
Teu aya deui nu sanés pikeun urang
Soca kasep miboga celak rabbani
أَبْلَجُ وَرْدِيُّ الْوَجَانِ
حَبِيبُنَا سَيِّدُنَا النَّبِي
Pameunteu gumebyar semu mawar
Kakasih urang, jungjunan urang Nabi
مَا لِينَا غَيْرُ الرَّسُولِ
جَمَالُهُ يَسْبِي الْعُقُولَ
Teu aya deui keur urang lian ti Rasul
Kaéndahanana matak mikat akal pikiran
نَظْرَةً يَا أَبَا الْبَتُولِ
جُدْ بِزَوْرَةٍ يَا نَبِي
Muga kersa neuteup duh ramana Al-Batul
Paparinan kasempetan jiarah duh Nabi
كَفُّكَ يَا طَهَ طَاهِرُ
ذِكْرُكَ سِرُّ الْبَشَايِرِ
Dampal panangan anjeun duh Thoha nu suci
Muji anjeun téh rusiahna kabar gumbira
يَا جَابِرَ لِلْخَوَاطِرِ
اجْبُرْنَا يَا سَيِّدَنَا النَّبِي
Duh nu ngaleler kasedih haté
Leler kasedih sim kuring duh jungjunan urang Nabi
نُورُ الْمُصْطَفَى أَحْمَدُ
نُورٌ أَزَلِيٌّ سَرْمَدُ
Cahaya Al-Mustofa Ahmad
Cahaya azali anu langgeng
أَوَّلُ مَا رَبِّي أَوْجَدَ
نُورُكَ يَا سَيِّدَنَا النَّبِي
Nu pangheulana diciptakeun ku Gusti
Nyaéta cahaya anjeun duh jungjunan urang Nabi