بِفَاطِمَةْ قَدْ صَفَا حَالِي
Ku Fatimah geus wening kaayaan kuring.
Su
بِفَاطِمَةْ قَدْ صَفَا حَالِي وَنِلْتُ الْمَرَامْ
بِضْعَة مُحَمَّدْ حَبِيبِ اللهْ خَيْرِ الْأَنَامْ
Ku Siti Fatimah beresih diri kuring sarta nepi kana harepan
Belahan jiwa Muhammad, kakasih Allah, manusa nu pangmulyana
أَعْلَى لَهَا اللهْ قَدْراً فِي الْعُلَا وَالْمَقَامْ
نِعْمَ الْبَتُولْ الْرَّضِيَّةْ نُورْ كُلِّ الْظَّلَامْ
Allah parantos ngaluhurkeun darajat sareng maqomna di tempat nu luhur
Sae-saena Al-Batul nu dipiridho, cahaya dina saniskara poek
أُمِّ الْحَسَنْ وَالْحُسَيْنْ أَهْلِ الْمَرْقَى الْعِظَامْ
لَهُمْ عَطَايَا مِنَ الْمَوْلَى كِبَارٌ جِسَامْ
Ibuna Hasan sareng Husain, nu gaduh darajat luhur pisan
Pikeun maranehna aya paparin ti Gusti nu kacida agungna
هُمْ سَادَةَ أَهْلِ الْجِنَانِ الْعَالِيَةْ يَا غُلَامْ
مَنْ حَبَّهُمْ صِدِقْ بَا يِسْكُنْ بِدَارِ الْسَّلَامْ
Maranehna teh pamingpin ahli sawarga nu luhur, duh anom
Sing saha nu mikacinta kalayan bener bakal cicing di tempat nu pinuh kasalametan
وَمَنْ تَعَلَّقْ بِهِمْ يَظْفَرْ بِنَيْلِ الْمَرَامْ
أَكْرَمْتِ يَا بِضْعَةَ أَحْمَدْ فَانْعَمِي بِالْتَّمَامْ
Sareng sing saha nu muntang ka maranehna bakal hasil sagala maksud
Anjeun teh bageur duh belahan jiwa Ahmad, mugi sampurnakeun kaistimewaan ieu
وَامْنَحِي عَبْدَكُمْ فِي الْقُرْبْ أَعْلَى وِسَامْ
نَقُومْ بِحَمِلْ الْرَّيَاتِ الْهُدَ أَحْسَنْ قِيَامْ
Pasihan hamba anjeun darajat nu pangluhurna dina kadeudeut
Sangkan sim abdi tiasa ngageugeuh panji pituduh kalayan sae pisan
تَعُمْ دَعْوَتُهْ فِي الْأَكْوَانْ كُلِّ الْأَنَامْ
نِلْبَسْ خِلَعْ إِرْثْ مَا يَصِفْ سَنَاهَا كَلَامْ
Mugi dawahna sumebar ka sakuliah alam pikeun sakumna manusa
Urang ngangge jubah warisan nu cahayana teu tiasa kagambarkeun ku ucap
يَا نُورْ قَلْبِي وَيَا أُمِّي عَلَيْكِ الْسَّلَامْ
فِي كُلِّ حَالٍ وَشَأْنٍ كُلِّ لَحْظَةْ دَوَامْ
Duh cahaya hate sim abdi, duh ibu, mugi kasalametan tetep ka anjeun
Dina sagala kaayaan, urusan, sarta unggal waktu salawasna
عَلَيْكِ صَلَّى إِلَهِي مَعَ أَبِيكِ الْإِمَامْ
إِمَامْ كُلِّ الْوَرَى فِي كُلِّ خَاصٍّ وَعَامْ
Mugi Pangeran maparin sholawat ka anjeun sareng ka rama anjeun sang Imam
Imamna sakumna mahluk, boh nu husus atanapi nu umum
الْشَّافِعِ الْمُبْتَغَ يَوْمَ الْلِّقَاءْ وَالْزَّهَامْ
يَوْمِ الْمَلَائِكْ تُنَادِي جَمِعْ كُلِّ الْأَنَامْ
Nu mere syafaat nu dipiharep dina poe kiamat sarta pakewuhna
Poe dimana malaikat nyoara ka sakumna manusa
غُضُّوا أَبْصَارَكُمْ تَمُرْ بِنْتِ الْنَّبِيِ بِالْسَّلَامْ
وَنَكِّسُوا رُؤُوسَكُمْ مَا أَعْظَمَهْ وَاللهْ مَقَامْ
"Tungkulkeun panon maraneh, putri Nabi nuju ngalangkung kalayan salam"
"Sarta tungkulkeun sirah maraneh," demi Allah kacida agungna eta maqom
تِذَكَرِينِي مَعَكِ أَعْبُرْ وَمَنْ لَهُ ذِمَامْ
حَاشَاكِ يَا أُمَّنَا تِنْسِينْ هَذَا الْغُلَامْ
Mugi anjeun emut ka abdi sangkan tiasa ngalangkung sareng anjeun sarta jalma nu dijaga
Pamohalan pisan duh ibu, anjeun bakal mopohokeun ieu budak
مَحْسُوبَكُمْ يَرْتَجِيهْ مِنْكُمْ بِهِ الْإِهْتِمَامْ
أَنْتُمْ مَرَامُهْ وَمَقْصُودُهْ وَنِعْمَ الْمَرَامْ
Hamba anjeun ngarep-ngarep perhatian ti anjeun
Anjeun teh harepan sareng maksud abdi, sarta sae-saena harepan
يَا بِنْتَ طه فُؤَادِي فِي مَحَبَّتِكْ هَامْ
وَاللهْ أَنْتُمْ مُرَادِي فِي الْدُّنَا وَالْقِيَامْ
Duh putri Toha, hate sim abdi kasmaran ku cinta ka anjeun
Demi Allah, anjeun teh pamaksudan abdi di dunya sarta di poe kiamat
وَمَا أَنَا إِلَّا بِكُمْ يَا سَادَتِي يَا كِرَامْ
عَلَيْكِ مَعَ وَالِدِكْ أَزْكَى الْصَّلَاةْ وَالسَّلَامْ
Sareng abdi teh sanes saha-saha iwal karana aranjeun duh para gusti nu mulya
Mugi sholawat sareng salam nu pangberesihna tetep ka anjeun sarta rama anjeun
وَأَهْلِ الْكِسَاءْ وَأَهْلِ بَيْتِهْ عَالِيِّينَ الْمَقَامْ
وَالْصَّحْبْ أَجْمَعْ وَمَنْ عَلَى هُدَاهْ اِسْتَقَامْ
Sareng Ahlul Kisa sarta Ahlul Bait nu luhur darajatna
Sareng ka sakumna sahabat sarta sing saha nu panceg dina pituduhna