مَنْ مِثْلُ أحمد
Saha nu siga Ahmad?
Su
Su
اللهْ اللهُ اللهْ اللهُ
اللهْ اللهُ تَبَارَكَ اللهُ
Gusti Allah, Gusti Allah
Gusti Allah, Maha Suci Gusti Allah
مَنْ مِثْلُ أَحْمَدَ فِي الكَوْنَيْنِ نَهْوَاهُ
بَدْرٌ جَمِيعُ الوَرَى فِي حُسْنِهِ تَاهُوا
Saha nu nyaruaan Ahmad di dua alam nu dipikaasih
Bulan purnama, sakumna mahluk kasengsrem ku kageulisanana
مَن مِثْلُهُ وَ إِلَهُ الْعَرْشِ شَرَّفَهُ
بِالْخَلْقِ وَ الْخُلْقِ إِنَّ اللَّهَ أَعْطَاهُ
Saha nu nandinganana, Gusti nu kagungan Arasy tos ngamulyakeun
Kalawan dedeg pangadeg sarta ahlak, saestuna Allah tos maparin ka anjeunna
وَالشَّمْسُ تَخْجَلُ مِنْ أَنْوَارِ طَلْعَتِهِ
حَارَتْ عُقُولُ الْوَرَى فِي فَهْمِ مَعْنَاهُ
Sareng panonpoe ngaraos isin ku cahya moncorongna anjeunna
Akal sakumna mahluk bingung nyurahan hakekat anjeunna
تَبَارَكَ اللَّهُ مَا أَحْلَى شَمَائِلَهُ
حَازَ الْجَمَالَ فَمَا أَبْهَى مُحَيَّاهُ
Maha Suci Allah, kacida manisna sipat-sipatna
Anjeunna muuhunkeun kageulisan, kacida cahayaan pameunteuna
يَا عُرْبَ وَادِي النَّقَى يَا أَهْلَ كَاظِمَةٍ
فِي حَيِّكُمْ قَمَرٌ فِي الْقَلْبِ مَثْوَاهُ
Duh urang Arab di Lembah Nuqa, duh ahli Kadzimah
Di lembur aranjeun aya bulan, anu dumukna dina jero hate
صَلَّى عَلَيْهِ إِلَهُ الْعَرْشِ مَا طَلَعَتْ
شَمْسٌ وَ مَا حَدْحَدَ الْحَادِي مَطَايَاهُ
Muga Gusti nu kagungan Arasy maparin rahmat salila bijilna
Panonpoe sarta salila tukang onta nungtun sato tungganganna
اللهُ بِالْمَدْحِ لِلْمُخْتارِ مَنَّ عَلَيّْ
عَسَى يُرى لِيَ بَيْنَ المَادِحِيْنَ حَلَي
Allah tos maparin ni'mat ka sim kuring ku muji ka anu pinilih
Muga-muga sim kuring kabilang di antawis jalmi-jalmi nu muji ka anjeunna
إِذَا أَتَيْتُ لِأَقْرَا الصُّحْفَ مِنْ عَمَلِيْ
مَالِي سِوَى مَنْ لَهُ فَضْلٌ يُشِيْرُ إِلَىّ
Nalika sim kuring datang pikeun maca catetan amal
Teu aya deui pikeun sim kuring jaba ti Gusti nu kagungan kurnia ka sim kuring
مُحَمَّدٌ سَيِّدُ الكَوْنَيْنِ وَالثَّقَلَيْـنِ
وَالفَرِيقَيْنِ مِنْ عُرْبٍ وَمِنْ عَجَمِ
Muhammad teh dunungan dua alam sarta jin jeung manusa
Oge dunungan dua golongan, boh Arab atanapi non-Arab
هُوَ الحَبِيبُ الذِّي تُرْجَى شَفَاعَتُهُ
لِكُلِّ هَوْلٍ مِنَ الأَهْوَالِ مُقْتَحَمِ
Anjeunna teh kakasih anu diarep-arep syafaatna
Pikeun nyanghareupan satiap karudet tina rupa-rupa balai
نَبِيُّنَا الآمِرُ النَّاهِي فَلاَ أَحَدٌ
أَبَرَّ فِي قَوْلِ لاَ مِنْهُ وَلاَ نَعَمِ
Nabi urang anu marentah sareng nyaram, mangka moal aya
Jalmi nu leuwih bener ucapanna dina nyebut "henteu" atawa "enya"
كَالزَّهْرِ فِي تَرَفٍ وَالبَدْرِ فِي شَرَفٍ
وَالبَحْرِ فِي كَرَمٍ وَالدَّهْرِ فِي هِمَمِ
Lir ibarat kembang dina kasegeranana, bulan purnama dina kamulyaanana
Lir ibarat laut dina kabeungharanana, sarta jaman dina kateguhanana
يِا رَبِّ بِالمُصْطَفَى بَلِّغْ مَقَاصِدَنَا
وَاغْفِرْ لَنَا مَا مَضَى يَا وَاسِعَ الكَرَمِ
Duh Gusti, kalayan barkatna Al-Musthofa, dugikeun sagala maksad abdi sadaya
Sareng hapunten dosa-dosa anu tos kalangkung, duh Gusti Nu Maha Berehan
وَاغْفِرْ إِلَهِي لِكُلِ المُسْلِمِينَ بِمَا
يَتْلُونَ فِي المَسْجِدِ الأَقْصَى وَفِي الحَرَمِ
Sareng hapunten, duh Gusti, sakumna umat Islam ku naon-naon
Anu ku maranehna diaos di Masjidil Aqsha sarta di Tanah Haram
بِجَاهِ مَنْ بَيْتُهُ فِي طَيْبَةٍ حَرَمٌ
وَإسْمُهُ قَسَمٌ مِنْ أَعْظَمِ الْقَسَمِ
Kalayan darajat anjeunna anu bumina di Thoybah mangrupa tanah haram
Anu jenenganana teh sumpah tina pangagung-agungna sumpah