رَسُولَ إِلَهِ الْعَالَمِينَ تَعَالَى
Utusan Pangéran Sadaya Alam Nu Maha Luhur
Su
رَسُولَ إِلَــهِ الْعَالَمِيـــــنَ تَعَالَـى
خَدِيمُكَ نَادَى يَا رَسُولُ تَعَـــالاَ
Duh Utusan Pangéran sadaya alam Nu Maha Luhur
hamba Gusti nyalukan: duh Rasul, mugi kersa nyaketan
خَدِيمُكَ نَادَى يَا رَسُولُ فَلاَ أُرَى
فَقِيرًا إِلَى غَيْــرِ الْإِلَـــهِ تَعَالَــى
Hamba Gusti nyalukan, duh Rasul, sangkan abdi teu katingal
malarat ka salian ti Allah Nu Maha Agung
خَدِيمٌ بِأَقْصَى الْغَرْبِ يَدْعُو مُحَمَّــدًا
وَلَيْسَ يَرَى غَيْرَ الْرَّسُـــولِ ثِمَـالاَ
Saurang hamba di tungtung Kulon nyambat Muhammad
bari teu ningal panyalindungan salian ti Rasul
خَدِيمٌ ثَـوَى بِالْبَابِ وَهْــــوَ مُؤَمِّــلٌ
إِيَابًا كَرِيمًــــا وَهْـوَ جَيْــرِ أَطَــالاَ
Saurang hamba nu cicing di payun panto bari pinuh harepan
nampi pangbagéa nu mulya, sanajan tos lami ngantosan
تَصَاغَرَ عِنْدِي غَيْرُ أَحْمَــدَ إِنَّنِــي
أُرَجِّي مِنَ الْهَــادِي الْعِبَــادِ مَنَـالاَ
Salian ti Ahmad janten alit dina paningal abdi, sabab saéstuna
abdi ngajeng-ngajeng kurnia ti nu nungtun sadaya hamba
كَرِيمَ الْسَّجَايَا وَاسِعَ الْجُودِ مَا تَرَى
لِضَيْـــــفِ كَرِيــمٍ قَــدْ أَجَادَ مَقَــالاَ
Duh nu mulya akhlakna tur jembar béréhanana, naon nu katingal
ku Gusti kanggo tamu nu Béréhan, nu parantos ngedalkeun paméntana kalayan saé
فَهَبْهُ عَلَى مِقْدَارِ كَفِّــكَ مُصْطَفَى الْ
بَرَايَــا عَطَاءً لاَ يَخَــافُ زَوَالاَ
Mugi Gusti maparin sakumaha jembar dampal panangan, duh Nu Pinilih
di antara mahluk, hiji paparin nu moal aya béakna
فَفِي كُلِّ حَيٍّ قَدْ خَبَطْتَ بِنِعْمَــةٍ
وَإِنِّي كَشأْسٍ قَــدْ أَرُومُ نَــوَالاَ
Margi dina unggal nu kumelendang Gusti tos maparin ni'mat
sarta abdi, lir nu hina nu nuju milari, mikahayang kurnia Gusti
عَلَيْكَ صَـــلاَةُ اللّٰهِ ثُــمَّ سَلاَمُــهُ
وَتَشْمَلُ أَصْحَابَ الْنَّبِـــيِّ وَآلاَ
Mugia sholawat sarta salam Allah tetep kacurahkeun ka Gusti
sarta ngawengku ka para sahabat Nabi ogé kulawargana