قَدْ أَشْرَقَ الْبَدْرُ الْمُنِيرْ
Parantos medal bulan purnama nu nyaangan
Su
قَدْ أَشْرَقَ الْبَدْرُ الْمُنِيرْ
بِمَوْلِدِ الْهَـادِي الْبَشِيـرْ
Parantos moncorong bulan nu caang
Kalayan wedalan nu nungtun nu mawa kabar gumbira
أَهْلاً وَسَهْلاً بِالْإِمَامْ
الْمُصْطَفَى بَـدْرِ الْتَّمَـامْ
Wilujeng sumping ka Sang Imam
Anu pinilih, bulan purnamaning kasampurnaan
شَفِيعِنَا يَوْمَ الْزِّحَـامْ
أَرْسَلَـهُ الْـرَّبُّ الْقَدِيـرْ
Nu méré syafaat urang di poé kiamat
Diutus ku Pangéran Nu Maha Kawasa
قَدْ أَشْرَقَ الْبَدْرُ الْمُنِيرْ
بِمَوْلِدِ الْهَـادِي الْبَشِيـرْ
Parantos moncorong bulan nu caang
Kalayan wedalan nu nungtun nu mawa kabar gumbira
بُشْرَى لَنَا نِلْنَا الْمَرَامْ
بِطَـهَ مُعْتَلِـى الْمَقَـامْ
Kabar gumbira pikeun urang, geus laksana harepan
Ku barokah Thaha nu luhur darajatna
شَرَّفَـهُ رَبُّ الْأَنَـامْ
فَلَـمْ يَكُـنْ لَـهُ نَظِيـرْ
Dimulyakeun ku Pangéran sakumna mahluk
Maka moal aya nu bisa nyaruaan anjeunna
قَدْ أَشْرَقَ الْبَدْرُ الْمُنِيرْ
بِمَوْلِدِ الْهَـادِي الْبَشِيـرْ
Parantos moncorong bulan nu caang
Kalayan wedalan nu nungtun nu mawa kabar gumbira
يَا ذَا الْجَلَالِ يَا مُجِيبْ
عَبْدٌ دَعَـاك لَا يَخِيـبْ
Duh Nu Maha Agung, Duh Nu Maha Ngabulkeun
Hamba nu ngadu'a ka Gusti moal kuciwa
بِحُرْمَةِ الْنَّبِيِّ الْحَبِيبْ
يَسِّرْ لَنَا الْأَمْـرَ الْعَسِيـرْ
Kalayan kamulyaan Nabi nu mikaasih
Gampilkeun pikeun abdi sadaya urusan nu sesah
قَدْ أَشْرَقَ الْبَدْرُ الْمُنِيرْ
بِمَوْلِدِ الْهَـادِي الْبَشِيـرْ
Parantos moncorong bulan nu caang
Kalayan wedalan nu nungtun nu mawa kabar gumbira
أَدْعُوكَ يَا رَبَّ الْأَنَامْ
أَمِتْنَا عَلَى حُسْنِ الْخِتَـامْ
Abdi neneda ka Gusti, Duh Pangéran sakumna mahluk
Pupuskeun abdi sadaya dina kaayaan husnul khotimah
وَأَسْكِنَـا فِي دَارَ الْسَّلَامْ
لِبَاسُنَـا فِيهَـا حَرِيرْ
Sareng tempatkeun abdi sadaya di sawarga
Anggoan abdi sadaya di ditu tina sutra
قَدْ أَشْرَقَ الْبَدْرُ الْمُنِيرْ
بِمَوْلِدِ الْهَـادِي الْبَشِيـرْ
Parantos moncorong bulan nu caang
Kalayan wedalan nu nungtun nu mawa kabar gumbira
أَجِبْ دُعَانَا يَا أَحَدْ
وَاسْمَعْ نِدَانَا يَا صَمَدْ
Kabulkeun du'a abdi, Duh Nu Maha Tunggal
Sareng dangukeun panyambat abdi, Duh Nu Janten Pamuntangan
يَا دَائِماً عَلَى الْأَبَـدْ
أَنْـتَ الْمُهَيْمِـنُ الْخَبِيـرْ
Duh Nu Langgeng salalawasna
Gusti téh Nu Maha Nyakseni tur Maha Uninga
قَدْ أَشْرَقَ الْبَدْرُ الْمُنِيرْ
بِمَوْلِدِ الْهَـادِي الْبَشِيـرْ
Parantos moncorong bulan nu caang
Kalayan wedalan nu nungtun nu mawa kabar gumbira
أَهْدِي الْتَّحِيَّةْ وَالْسَّلَامْ
لِلْمُجْتَبَـى خَيْرِ الْأَنَـامْ
Abdi ngahaturkeun panghormat sareng salam
Ka Nabi nu pinilih, pangsaéna manusa
والْآلِ وَالْصَّحْبِ الْكِرَامْ
مَا أَمْطَرَ الْمَطْرُ الْغَزِيرْ
Kasarengan kulawarga tur sahabat nu mulya
Salami hujan ngagebrét lungsur ka bumi