فَيَا نَفَحَاتِ اللهِ يَا عَطَفَاتِهِ
O Divine Breaths of Allah, O His Affections
Su
فَيَا نَفَحَاتِ اللهِ يَا عَطَفَاتِهِ
وَيَا جَذَبَاتِ الْحَقِّ جُودِي بِزَوْرَةِ
Nun tiupan rahmat Allah, nun kadeudeuh-Na
nun daya tarik Al-Haq, muga kersa nepungan
وَيَا نَظَرَاتِ اللّهِ يَا لَحَظَاتِهِ
وَيَا نَسَمَاتِ اللُّطْفِ أُمِّى بِهَبَّةِ
Nun paningal Allah, nun soca-Na nu mulya
nun hariringna kaasih, muga sumping mawa berkah
وَيَا غَارَةَ الرَّحْمَانِ جُدِّىْ بِسُرْعَةِ
إِلَيْنَا وَحُلِّى عَقْدَ كُلِّ مُلِمَّةِ
Nun pitulung Ar-Rahman, muga énggal lungsur ka kami
sarta tétélar sakur beungkeutan kasusah
وَيَا رَحْمَةَ الرَّبِّ الرَّحِيْمِ تَوَجَّهِىْ
وَأَحْيِىْ بِرُوْحِ الفَضْلِ كُلَّ رَمِيْمَةِ
Nun rahmat Pangéran Nu Maha Welas, muga kersa mayun
hirupkeun ku ruh kautamaan, sakur nu parantos ruksak
وَيَاكُلَّ أَبْوَابِ الْقَبُولِ تَفَتَّحِىْ
فَإِنَّ مَطَايَا الْقَصْدِ نَحْوَكَ أَمَّتِ
Nun sakumna lawang pangabulan, muga kersa mangkak
saéstuna tunggangan pamaksadan parantos nuju ka Gusti
وَيَاسُحُبَ الْجُوْدِ الْإِلَهِيِّ أَمْطِرِىْ
فَإِنَّ أَكُفَّ الْمَحْلِ تِلْقَاكِ مُدَّتِ
Nun méga luméuber Gusti, muga lungsurkeun hujan
saéstuna dampal leungeun nu garing parantos namprak nuju ka Gusti
بِحُرْمَةِ هَادِيْنَا وَمُحْيِيْ قُلُوْبِنَا
وَمُرْشِدِنَا نَهْجَ الطَّرِيْقِ الْقَوِيْمَةِ
Ku karamat nu nuyun kami sarta nu ngahirupkeun manah
nu némbongkeun jalan anu lempeng tur ajeg
دَعَانَا إِلَى حَقٍّ بِحَقٍّ مُنَزَّلٍ
عَلَيْهِ مِنَ الرَّحْمَانِ أَفْضَلَ دَعْوَةِ
Mantanna ngajak kana bebeneran kalayan haq nu diturunkeun
ka mantanna ti Ar-Rahman, pangajak anu pangmulyana
أَجَبْنَا قَبِلْنَا مُذْعِنِيْنَ لِأَمْرِهِ
سَمِعْنَا أَطَعْنَا عَنْ هُدىً وَبَصِيْرَةِ
Kami nyumponan sarta nampi kalayan tumut kana timbalanana
kami nguping tur taat kalayan pituduh sarta pangaweruh
فَيَارَبِّ ثَبِّتْنَا عَلَى الْحَقِّ وَالْهُدَى
وَيَارَبِّ اِقْبِضْنَا عَلَى خَيْرِ مِلَّةِ
Duh Gusti, muga netepkeun kami dina bebeneran sareng pituduh
duh Gusti, muga maotkeun kami dina agama anu pangsaéna
وَعُمَّ أُصُوْلاً وَالْفُرُوْعَ بِرَحْمَةٍ
وَأَهْلاً وَأَصْحَاباً وَكُلَّ قَرَابَةِ
Muga rahmat Gusti ngalimpah ka sepuh sarta rundayanana
ka kulawarga, para sahabat, sarta sakumna baraya
وَسَائِرِ أَهْلِ الدِّيْنِ مِنْ كُلِّ مُسْلِمٍ
أَقَامَ لَكَ التَّوْحِيْدَ مِنْ غَيْرِ رِيْبَةِ
Sarta ka sakumna umat agama ti sakur jalma muslim
anu nanjeurkeun tauhid ka Gusti kalayan tanpa mamang
وَصَلِّ وَسَلِّمْ دَائِمَ الدَّهْرِ سَرْمَداً
عَلَى خَيْرِ مَبْعُوْثٍ إِلَى خَيْرِ أُمَّةِ
Muga sholawat sarta salam salamina ngocor ngagolontor
ka pangsaéna utusan pikeun pangsaéna umat
مُحَمَّدٍ الْمَخْصُوْصِ مِنْكَ بِفَضْلِكَ
الْعَظِيْمِ وَإِنْزَالِ الْكِتَابِ وَحِكْمَةِ
Muhammad nu dikhususkeun ku Gusti kalayan kautamaan
anu agung sarta lungsurna Al-Kitab sareng hikmah