مَا مَدَّ لِخَيْرِ الْخَلْقِ يَدَا
Extend Your Hand
Su
الله الله الله الله الله الله
لَا إِلَٰهَ إِلَّا ٱللَّٰهْ
Allah Allah Allah Allah Allah Allah
Teu aya deui pangeran iwal ti Allah
مَا مَدَّ لِخَيْرِ الْخَلْقِ يَدَا
أَحَدٌ إِلَّا وَبِهِ سَعِدَا
Teu aya jalma nu ngasongkeun leungeun ka panghadéna mahluk
Iwal anjeunna bakal meunang kabagjaan
فَلِذَاكَ مَدَدْتُ إِلَيْهِ يَدِي
وَبِذَلِكَ كُنْتُ مِنَ الْسُّعَدَا
Tah ku sabab éta kuring ngasongkeun leungeun ka anjeunna
Jeung ku éta kuring kaasup jalma-jalma nu bagja
بَابٌ لِلَّهِ سَمَا وَعَلَا
شَرَفاً وَامْتَازَ بِكُلِّ عُلَا
Anjeunna téh panto nuju Allah nu luhur tur mulya
Pinunjul ku saniskara kamulyaan
وَالْكُلُّ بِدَعْوَتِهِ اتَّصَلَا
بِاللهِ وَحَازَ بِهِ الْمَدَدَا
Sakabéhna nyambung ku jalan da’wahna
Ka Allah sarta meunang pitulung-Na
إِنِّي فِي الْعُسْرِ وَفِي الْيُسْرِ
بِحِمَاهُ أَلُوذُ مَدَى الْعُمْرِ
Saéstuna kuring dina kaayaan susah jeung gumbira
Nyalindung ka anjeunna saumur hirup
وَأَقُولُ أَغِثْنِي يَا ذُخْرِي
وَأَنِلْنِي مِنْ كَفَّيْكَ نَدَا
Kuring nyarita: tulungan kuring wahai andalan kuring
Paparin kuring kurnia tina dampal panangan anjeun
وَعَلَيْنَا تَعَطَّفْ يَا أَمَلِي
بِشِفَاءِ الْقَلْبِ مِنَ الْعِلَلِ
Mugi anjeun mikanyaah ka abdi sadaya wahai harepan
Ku cara nyageurkeun haté tina sagala panyakit
أَيَكُونُ مُحِبُّكَ فِي وَجَلٍ
وَبِجَاهِكَ لَا أَخْشَى أَحَدَا
Naha jalma nu mikacinta anjeun kudu ngarasa ringrang
Sedengkeun ku kamulyaan anjeun kuring teu sieun ku saha waé
لَا أَرْجُو غَيْرَكَ إِنْ جَارَا
دَهْرِي وَعَدِمْتُ الْأَنْصَارَا
Kuring teu miharap ka salian ti anjeun mun dunya midua
Jeung nalika kuring geus taya deui nu nulungan
بِحَيَاتِكَ أَلْقِ الأَنْظَارَا
كَرَماً يَا أَفْضَلَ مَنْ سَجَدَا
Demi hirup anjeun, mugi kersa ningali ka abdi
Kalayan kurnia wahai jalma pangmulyana nu sujud
أَنْتَ الْمُخْتَارُ مِنَ القِدَمِ
يَا خَيْرَ شَفِيعٍ فِي الأُمَمِ
Anjeun téh jalma pilihan ti zaman azali
Wahai panghadéna nu méré syafaat pikeun umat
وَبِنُورِكَ مِنْ بَعْدِ الْعَدَمِ
وَجْهُ الْتَّكْوِينِ زَهَا وَبَدَا
Sareng ku cahaya anjeun sabada euweuhna mahluk
Beungeut jagat raya jadi gumebyar némbongan
وَصَلَاةُ اللهِ بِلَا حَصْرِ
لَكَ تُهْدَى يَا سَامِي الْقَدْرِ
Sholawat Allah nu teu aya itunganana
Dihaturkeun ka anjeun wahai nu luhur darajatna
وَالْآلِ مَعَ الْصَّحْبِ الْغُرِّ
مَا حَادِي الْعِيسِ نَشَا وَصَدَى
Sarta kulawarga jeung para sahabat nu mulya
Salila nu nungtun onta masih nembang ngagalindeng