مَا لِي سِوَاكْ هَمْ وَأَنْتَ تَعْلَمْ
Taya deui nu janten emutan iwal anjeun, sarta anjeun uninga.
Su
Su
مَا لِي سِوَاكْ هَمْ وَأَنْتَ تَعْلَمْ
فَالْقُرْبُ مَغْنَمْ وَالْبُعْدُ مَغْرَمْ
Teu aya deui anu janten kapanasaran iwal Gusti, sakumaha anu ku Gusti uninga
Margi kadeukeutan teh mangrupa kauntungan, sedengkeun katebihan teh karugian
خُذْنِي إِلَيْكَ بَيْنَ يَدَيْكَ
حُسِبْتُ عَلَيْكَ فِي كُلِّ مَا أَعْلَمْ
Candak abdi ka Gusti, dina pangkonan Gusti
Abdi rumaos janten kagungan Gusti dina sagala hal anu ku abdi kanyahoan
أَنْتَ مُرَادِي فَكُنْ لِيْ هَادِي
فَالْقَلْبُ صَادِي فَزِلْ لِيْ ذَا الْهَمْ
Gusti teh pamaksadan abdi, muga janten pituduh pikeun abdi
Ieu hate nuju hanaang, muga Gusti ngaleungitkeun ieu kasedih
مَنْ ذَا يَكُنْ لِي إِنْ لَمْ تَكُنْ لِي
تَرَى لِذُلِّي وَأَنْتَ أَرْحَمْ
Saha deui anu kersa nulungan abdi upami sanes Gusti
Gusti ningal kana kahinaan abdi, tur Gusti teh Dzat anu Maha Welas Asih
كَمْ ذَا أُنَادِي يَا خَيْرَ هَادِي
يَكْفِي بُعَادِي فَالْجُودُ قَدْ عَمْ
Sering pisan abdi nyambat, duh sae-saena pituduh
Cekap sakieu ieu papisahan, margi kamurahan Gusti parantos jembar
نُورُ الْوِصَالِ مَهْرُهُ غَالِي
سِوَاكَ مَا لِي جُدْ وَتَكَرَّمْ
Cahaya patepang teh maharna kacida awis
Teu aya deui panyaluuhan iwal Gusti, muga maparin sarta nembongkeun kamulyaan
قُرْبِي وَبُعْدِي سِيَّانِ عِنْدِي
لِأَنَّ رُشْدِي فِيمَا تَقَسِّمْ
Caket atanapi tebih teh sami bae kanggo abdi
Margi pituduh kanggo abdi teh aya dina saniskara anu ku Gusti paparin
فَاجْعَلْ هِبَاتِي رُوحَ الْحَيَاةِ
حَبِيبْ ذَاتِي طه الْمُعَلِّمْ
Muga Gusti ngajantenkeun kurnia abdi teh minangka ruhna kahirupan
Kakasih jiwa abdi, nyaeta Thoha Sang Guru
تَعْلَمْ لِقَصْدِي حِبِّي وَوُدِّي
فَكُنْ لِلْكُرْدِي فِي كُلِّ مَغْنَمْ
Gusti uninga kana tujuan, kadeudeuh, sarta kacinta abdi
Muga Gusti nyarengan al-Kurdi dina unggal kabagjaan
صَلَاةُ رَبِّي لِحَبِيبِ قَلْبِي
طه الْمُرَبِّي عَلَيْهِ سَلَّمْ
Sholawat Pangeran abdi muga dikocorkeun ka kakasih hate
Thoha sang guru nu ngatik, muga kasalametan tetep ka anjeunna