أَنَا مَالِي فِيَّاشْ
Naon Anu Aya di Abdi?
Su
اللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى الْمُصْطَفَى
حَبِيبِنَا مُحَمَّد عَلَيْهِ السَّلَام
Nun Gusti, limpahkeun solawat ka nu pinilih
Ka kakasih urang, Muhammad, mugia kasalametan tetep ka mantenna
أَنَا مَالِي فِيَّاشْ آشْ عَلَيَّا مِنِّي
نَقْلَقْ مِنْ رِزْقِي لَاشْ وَالْخَالِقْ يَرْزُقْنِي
Naon daya sim kuring, naon kakuatan sim kuring?
Naha bet hariwang ku rejeki, apan Nu Maha Nyipta nu maparin rejeki
أَنَا عَبْدُ رَبٍّ لَهُ قُدْرَةٌ
يَهُونُ بِهَا كُلُّ أَمْرٍ عَسِير
Sim kuring téh hamba Pangéran Nu Maha Kawasa
Nu ngajantenkeun sagala urusan hésé janten gampil
فَإِنْ كُنْتُ عَبْدًا ضَعِيفَ الْقُوَّةِ
فَرَبِّي عَلَى كُلِّ شَيْءٍ قَدِير
Sanajan sim kuring hamba anu taya daya
Nanging Pangéran sim kuring mah Nu Maha Kawasa kana sagala rupi
مِنِّي آشْ عَلَيَّ وَنَا عَبْدٌ مَمْلُوكْ
وَالْأَشْيَاءْ مَقْضِيَّا مَا فِي التَّحْقِيقْ شُكُوكْ
Naon daya sim kuring, apan sim kuring hamba nu dimilik
Sagala rupi tos ditangtoskeun, taya deui karagu-raguan
الْمَدَد الْمَدَد أَيَا رَسُولَ الله
وَاسْقِينَا بِالْمَدَد أَيَا حَبِيبَ الله
Mugia lungsur pitulung, duh Rasulullah
Siram kami ku pitulung, duh Kakasih Allah
رَبِّي نَاظِرْ فِيَّا وَنَا نَظَرِي مَتْرُوكْ
فِي الْأَرْحَامْ وَالْأَحْشَا مِنْ نُطْفَةٍ صَوَّرْنِي
Pangéran nyaksian sim kuring, sedeng paningal sim kuring mah taya hartosna
Dina rahim sareng kandungan, tina satétés cai Anjeunna ngawangun sim kuring
يَقُولُ لِمَا شَاءَ كُنْ فَيَكُونُ وَيُبْدِعُ سُبْحَانَهُ وَيُعِيد
وَيَحْكُمُ فِي خَلْقِهِ مَا يَشَاءُ وَيَفْعَلُ فِي مُلْكِهِ مَا يُرِيد
Anjeunna ngadawuh "Jadi" maka janten, Anjeunna nu ngayakeun sarta nu mulangkeun
Anjeunna nangtoskeun ka mahluk-Na sakumaha kersa-Na, midamel dina karajaan-Na sakumaha kahoyong-Na