الْمُزْدَوِجَةُ الْحَسْنَاءُ فِي الْاِسْتِغَاثَةِ بِأَسْمَاءِ اللهِ الْحُسْنَى
Al-Muzdawijah nu Éndah dina Istigosah ku Asmaul Husna
Su
الْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِي تَحَمَّدَا
كَلَّمَ مُوسَى وَاصْطَفَى مُحَمَّدَا
Sagala puji kagungan Allah nu muji diri-Na
Nu nimbalan ka Musa sarta milih Muhammad
ثُمَّ الْصَّلَاةُ وَالْسَّلَامُ تُهْتَدَى
لِخَيْرِ مُرْسَلٍ هَدَى وَسَدَّدَا
Sholawat sarta salam mugi dilungsurkeun
Ka panghadéna utusan nu maparin pituduh jeung bener
وَالْآلِ وَالْصَّحْبِ وَمَنْ يَهْدِينَا
Sareng ka kulawarga, sahabat, sarta sakur nu nungtun urang
بِاسْمِ الْإِلَهِ وَبِهِ بَدِينَا
وَلَوْ عَبَدْنَا غَيْرَهُ شَقِينَا
Kalayan pajenengan Gusti urang ngawitan
Upami urang nyembah salian Mantenna tanwande cilaka
يَا حَبَّذَا رَبًّا وَحَبَّ وَدِينَا
وَحَبَّذَا مُحَمَّدٌ هَادِينَا
Duh kacida saéna Pangéran sarta kacida saéna agaman urang
Duh kacida saéna Muhammad nu nungtun urang
لَوْلَاهُ مَا كُنَّا وَلَا بَقِينَا
Saupami lain karana anjeunna, urang moal aya sarta moal lana
الْلَّهُمَّ لَوْلَا أَنْتَ مَا اهْتَدَيْنَا
وَلَا تَصَدَّقْنَا وَلَا صَلَّيْنَا
Duh Allah, saupami lain karana Gusti urang moal kenging pituduh
Moal sedekah sarta moal sholat urang téh
فَأَنْزِلَنْ سَكِينَةً عَلَيْنَا
وَثَبِّتِ الْأَقْدَامَ إِنْ لَا قَيْنَا
Mangka lungsurkeun katenangan ka diri urang
Sarta nagenkeun dampal sampean saupami urang nyanghareupan musuh
نَحْنُ الْأُ لَى جَاؤُوكَ مُسْلِمِينَا
Sim kuring sadaya nyaéta jalma-jalma nu dongkap ka Gusti dina kaayaan pasrah
وَالْمُشْرِكُونَ قَدْ بَغَوْا عَلَيْنَا
إِذَا أَرَادُوا فِتْنَةً أَبَيْنَا
Sarta jalma-jalma musyrik tos nganiaya ka urang
Saupami maranehna miharap fitnah mangka urang nolak
وَقَدْ تَدَاعَى جَمْعُهُمْ عَلَيْنَا
طِبْقَ الْأَحَادِيثَ الَّتِي رَوَيْنَا
Sarta kumpulan maranehna geus ngajak pikeun ngalawan urang
Luyu jeung hadits-hadits nu diriwayatkeun ku urang
فَارْدُدْهُمُ الْلَّهُمَّ خَاسِرِينَ
Mangka tulak deui maranehna duh Allah dina kaayaan rugi
اللَّهُ يَا رَحْمَنُ يَا رَحِيمُ
اللَّهُ يَا حَيُّ وَيَا قَيُّومُ
Allah Duh Nu Maha Welas, Nu Maha Asih
Allah Duh Nu Maha Hirup, Nu Maha Jumeneng ku Anjeun
اللَّهُ يَا قَوِيُّ يَا قَدِيمُ
اللَّهُ يَا عَلِيُّ يَا عَظِيمُ
Allah Duh Nu Maha Kiat, Nu Maha Tiheula
Allah Duh Nu Maha Luhur, Nu Maha Agung
لَا يَنْبَغِي لِلْظُّلْمِ أَنْ يَعْلُونَا
Teu sawadina kasoliman téh ngaluhuran urang
اللَّهُ يَا لَطِيفُ يَا عَلِيمُ
اللَّهُ يَا رَؤُوفُ يَا حَكِيمُ
Allah Duh Nu Maha Lembut, Nu Maha Uninga
Allah Duh Nu Maha Welas Asih, Nu Maha Wijaksana
اللَّهُ يَا تَوَّابُ يَا حَلِيمُ
اللَّهُ يَا وَهَّابُ يَا كَرِيمُ
Allah Duh Nu Maha Narima Tobat, Nu Maha Sobar
Allah Duh Nu Maha Maparin, Nu Maha Berehan
هَبْنَا الْعُلَا وَاجْعَلْ عِدَانَا الْدُّونَا
Pasihan urang kamulyaan sarta jadikeun musuh urang di handap
اللَّهُ يَا مَالِكُ يَا مُنِيرُ
اللَّهُ يَا مَلِيكُ يَا قَدِيرُ
Allah Duh Nu Kagungan, Nu Maha Maparin Cahaya
Allah Duh Nu Maha Raja, Nu Maha Kawasa
اللَّهُ يَا مَوْلَى وَيَا نَصِيرُ
اللَّهُ أَنْتَ الْمَلِكُ الْكَبِيرُ
Allah Duh Nu Maha Ngajaga sarta Nu Maha Pitulung
Allah Gusti téh Raja Nu Maha Ageung
لَيْسَ عِدَانَا لَكَ مُعْجِزِينَا
Musuh urang sadaya moal tiasa ngaapeskeun Gusti
اللَّهُ يَا شَاكِرُ يَا شَكُورُ
اللَّهُ يَا عَفُوُّ يَا غَفُورُ
Allah Duh Nu Maha Narima nuhun, Nu Maha Syukur
Allah Duh Nu Maha Ngahampura, Nu Maha Jembar Pangampura
اللَّهُ يَا عَالِمُ يَا خَبِيرُ
اللَّهُ يَا فَتَّاحُ يَا بَصِيرُ
Allah Duh Nu Maha Uninga, Nu Maha Waspada
Allah Duh Nu Maha Bubuka, Nu Maha Ningali
لَا تَحْرِمْنَا فَتْحَكَ الْمُبِينَا
Mugi Gusti ulah ngahalangan urang tina pitulung nu nyata
اللَّهُ يَا ظَاهِرُ يَا جَلِيلُ
اللَّهُ يَا بَاطِنُ يَا وَكِيلُ
Allah Duh Nu Maha Nyata, Nu Maha Mulya
Allah Duh Nu Maha Ghaib, Nu Maha Ngawakilan
اللَّهُ يَا صَادِقُ يَا جَمِيلُ
اللَّهُ يَا حَافِظُ يَا كَفِيلُ
Allah Duh Nu Maha Bener, Nu Maha Indah
Allah Duh Nu Maha Ngajaga, Nu Maha Tanggung Jawab
كُنْ حَافِظًا لَنَا وَكُنْ مُعِينَا
Mugi Gusti janten Nu Maha Ngajaga sarta Nu Maha Pitulung ka urang
اللَّهُ يَا غَنِيُّ يَا حَمِيدُ
اللَّهُ يَا مُغْنِي وَيَا رَشِيدُ
Allah Duh Nu Maha Beunghar, Nu Maha Pinuji
Allah Duh Nu Maha Maparin Kabeungharan, Nu Maha Maparin Pituduh
اللَّهُ يَا مُبْدِئُ يَا مُعِيدُ
اللَّهُ يَا عَزِيزُ يَا مَجِيدُ
Allah Duh Nu Maha Ngawitan, Nu Maha Mulangkeun
Allah Duh Nu Maha Gagah, Nu Maha Mulya
لِعِزِّكَ الْتَّوْحِيدُ يَشْكُو الْهُوْنَا
Ka kagagahan Gusti, kaimanan urang ngadu’a tina kahinaan
اللَّهُ يَا قَادِرُ يَا مُقْتَدِرُ
اللَّهُ يَا قَاهِرُ يَا مُؤَخِّرُ
Allah Duh Nu Maha Kawasa, Nu Maha Miboga Kawasa
Allah Duh Nu Maha Maksa, Nu Maha Meureunkeun
اللَّهُ يَا فَاطِرُ يَا مُصَوِّرُ
اللَّهُ يَا مُحْصِي وَيَا مُدَبِّرُ
Allah Duh Nu Maha Nyiptakeun, Nu Maha Ngawangun Rupa
Allah Duh Nu Maha Ngitung sarta Nu Maha Ngatur
دَبِّرْ لَنَا وَدَمِّرِ الْعَادِينَا
Aturkeun kanggo urang sarta tumpeskeun jalma-jalma nu deuk nganiaya
اللَّهُ يَا دَائِمُ لَا يَمُوتُ
اللَّهُ يَا قَائِمُ لَا يَفُوتُ
Allah Duh Nu Langgeng nu teu maot
Allah Duh Nu Jumeneng nu moal lali
اللَّهُ يَا مُحْيِي وَيَا مُمِيتُ
اللَّهُ يَا مُغِيثُ يَا مُقِيتُ
Allah Duh Nu Maha Ngahirupkeun, Nu Maha Namatkeun
Allah Duh Nu Maha Maparin Pitulung, Nu Maha Maparin Rejeki
كُنْ غَوْثَنَا وَحِصْنَنَا الْحَصِينَا
Mugi Gusti janten panyalindungan sarta bénténg urang nu kiat
اللَّهُ يَا بَاسِطُ أَنْتَ الْوَاسِعُ
اللَّهُ يَا قَابِضُ أَنْتَ الْمَانِعُ
Allah Duh Nu Maha Ngajembarkeun, Gusti Nu Maha Jembar
Allah Duh Nu Maha Nyegah, Gusti Nu Maha Ngahalangan
اللَّهُ يَا خَالِقُ أَنْتَ الْجَامِعُ
اللَّهُ يَا خَافِضُ أَنْتَ الْرَّافِعُ
Allah Duh Nu Maha Nyiptakeun, Gusti Nu Maha Ngumpulkeun
Allah Duh Nu Maha Ngarendahkeun, Gusti Nu Maha Ngataékeun
اِرْفَعْ مَعَالِينَا لِعِلِّيِّينَا
Angkat darajat urang ka tempat nu luhur
اللَّهُ ذُو الْمَعَارِجِ الْرَّفِيعُ
اللَّهُ يَا وَافِي وَيَا سَرِيعُ
Allah Nu Kagungan darajat nu luhur
Allah Duh Nu Maha Nepati Janji sarta Nu Maha Gancang
اللَّهُ يَا كَافِي وَيَا سَمِيعُ
يَا نُورُ يَا هَادِي وَيَا بَدِيعُ
Allah Duh Nu Maha Nyukupan sarta Nu Maha Ngadangu
Duh Cahaya, Duh Nu Maparin Pituduh sarta Nu Maha Nyiptakeun nu anyar
أَدَّبْتَنَا بِمَا جَرَى يَكْفِينَا
Gusti parantos ngatik urang ku naon nu parantos kajantenan
اللَّهُ ذُو الْجَلَالِ وَالْإِكْرَامِ
اللَّهُ ذُو الْطَّوْلِ عَلَى الْدَّوَامِ
Allah Nu Kagungan kaagungan sarta kamulyaan
Allah Nu Kagungan kurnia salawasna
اللَّهُ يَا ذَا الْفَضْلِ وَالْإِنْعَامِ
وَالْسَّيِّدُ الْمِطْلَقُ لِلْأَنَامِ
Allah Duh Nu Kagungan kautamaan sarta nikmat
Sarta Pangéran nu mutlak pikeun sakabéh mahluk
ارْحَمْ عَبَيْدًا لَكَ عَابِدِينَا
Mugi maparin rahmat ka hamba-hamba nu nyembah ka Gusti
اللَّهُ يَا أَوَّلُ أَنْتَ الْوَاحِدُ
اللَّهُ يَا آخِرُ أَنْتَ الْرَّاشِدُ
Allah Duh Nu Maha Tiheula, Gusti Nu Maha Tunggal
Allah Duh Nu Maha Pamungkas, Gusti Nu Maha Maparin Pituduh
يَا وِتْرُ يَا مُتَكَبِّرُ يَا وَاجِدُ
يَا بَرُّ يَا مُتَفَضِّلُ يَا مَاجِدُ
Duh Nu Maha Ganjil, Nu Maha Agung, Nu Maha Ngagaduhan
Duh Nu Maha Bageur, Nu Maha Maparin Kurnia, Nu Maha Mulya
بِفَضْلِكَ اقْبَلْنَا عَلَى مَا فِينَا
Ku kurnia Gusti mangka tampi urang naon baé kaayaanana
اللَّهُ يَا مُبِينُ يَا وَدُودُ
اللَّهُ يَا مُحِيطُ يَا شَهِيدُ
Allah Duh Nu Maha Nyata, Nu Maha Asih
Allah Duh Nu Maha Ngalingkung, Nu Maha Nyaksi
اللَّهُ يَا مَتِينُ يَا شَدِيدُ
يَا مَنْ هُوَ الْفَعَّالُ مَا يُرِيدُ
Allah Duh Nu Maha Kokoh, Nu Maha Kiat
Duh Gusti nu migawé naon baé nu dikersakeun
إِنَّا ضِعَافٌ لَكَ قَدْ لَجِينَا
Saéstuna sim kuring téh lemah, ka Gusti sim kuring nyalindung
اللَّهُ يَا مُعِزُّ يَا مُقَدِّمُ
اللَّهُ يَا مُذِلُّ يَا مُنْتَقِمُ
Allah Duh Nu Maha Ngamulyakeun, Nu Maha Ngaheulakeun
Allah Duh Nu Maha Ngahina, Nu Maha Ngabales
الْبَادِئُ الْبَاقِي فَلَا يَنْعَدِمُ
الْمُحْسِنُ الْوَالِي الْحَفِيظُ الْأَكْرَمُ
Nu Maha Ngawitan, Nu Maha Langgeng nu moal sirna
Nu Maha Saé, Nu Maha Ngurus, Nu Maha Ngajaga, Nu Maha Mulya
ليسَ لَنَا سِوَاكَ مَنْ يَحْمِينَا
Teu aya kanggo sim kuring salian ti Gusti nu ngajaga
اللَّهُ يَا وَارِثُ أَنْتَ الْأَبَدُ
اللَّهُ يَا بَاعِثُ أَنْتَ الْأَحَدُ
Allah Duh Nu Maha Ngawaris, Gusti téh Abadi
Allah Duh Nu Maha Ngahudangkeun, Gusti téh Tunggal
يَا مَالِكَ الْمُلْكِ الْإِلَهُ الْصَّمَدُ
لَا كُفُوءٌ لَا وَالِدٌ لَا وَلَدُ
Duh Nu Miboga Karajaan, Pangéran tempat nyalindung
Teu aya nu nandingan, teu ramian sarta teu putraan
كُفَّ الْعِدَا عَنَّا فَقَدْ أُوذِينَا
Tegah musuh-musuh ti sim kuring, saéstuna sim kuring parantos disiksa
اللَّهُ يَا غَالِبُ يَا قَهَّارُ
اللَّهُ يَا نَافِعُ أَنْتَ الْضَّارُّ
Allah Duh Nu Maha Unggul, Nu Maha Maksa
Allah Duh Nu Maha Maparin Mangpaat, Gusti Nu Maha Maparin Madharat
اللَّهُ يَا بَارِئُ يَا غَفَّارُ
يَا رَبُّ يَا ذَا الْقُوَّةِ الْجَبَّارُ
Allah Duh Nu Maha Ngayakeun, Nu Maha Ngahampura
Duh Pangéran, Duh Nu Miboga Kakuatan Nu Maha Gagah
قَوِّمْ لَنَا الْدُّنْيَا وَقَوِّ الْدِّينَا
Dangdoskeun dunya urang sarta kiatkeun agaman urang
اللَّهُ رَبُّ الْعِزَّةِ الْسَّلَامُ
الْمُؤْمِنُ الْمُهَيْمِنُ الْعَلَّامُ
Allah Pangéran Nu Kagungan kamulyaan, Nu Maha Sejahtera
Nu Maha Maparin Kaamanan, Nu Maha Ngaping, Nu Maha Uninga
ذُو الْرَّحْمَةِ الْأَعْلَى الْأَعَزُّ التَّامُّ
مَنْ دِينُهُ الْحَقُّ هُوَ الْإِسْلَامُ
Nu Kagungan rahmat, Nu Maha Luhur, Nu Maha Gagah sarta Sampurna
Nu agamana bener nyaéta Islam
قَيِّضْ لَهُ الْلَّهُمَّ نَاصِرِينَا
Mugia Gusti nangtukeun para panulung pikeun agama ieu
اللَّهُ أَنْتَ الْمُتَعَالِي الْحَكَمُ
الْفَرْدُ ذُو الْعَرْشِ الْوَلِيُّ الْأَحْكَمُ
Allah Gusti téh Nu Maha Luhur, Nu Maha Mutuskeun
Nu Maha Tunggal, Nu Kagungan Arasy, Nu Maha Ngurus sarta Maha Wijaksana
الْغَافِرُ الْمُعْطِي الْجَوَادُ الْمُنْعِمُ
الْعَادِلُ الْعَدْلُ الْصَّبُورُ الْأَرْحَمُ
Nu Maha Ngahampura, Nu Maha Maparin, Nu Maha Berehan, Nu Maha Maparin Nikmat
Nu Maha Adil, Nu Maha Sabar, Nu Maha Asih
مَكِّنْ لَنَا فِي أَرْضِنَا تَمْكِينَا
Pasihan kakuatan ka urang di bumi urang kalayan kakuatan nu nyata
اللَّهُ يَا قُدُّوسُ يَا بُرْهَانُ
يَا بَرُّ يَا حَنَّانُ يَا مَنَّانُ
Allah Duh Nu Maha Suci, Nu Maha Maparin Bukti
Duh Nu Maha Bageur, Nu Maha Welas, Nu Maha Maparin Kurnia
يَا حَقُّ يَا مُقْسِطُ يَا دَيَّانُ
تَبَارَكَتْ أَسْمَاؤُكَ الْحِسَانُ
Duh Nu Maha Bener, Nu Maha Adil, Nu Maha Ngawales
Maha Suci pajenengan Gusti nu éndah
بِهَا قَرَعْنَا بَابَكَ الْمَصُونَا
Ku pajenengan éta sim kuring ngetok panto Gusti nu dijaga
اللَّهُ يَا خَلَّاقُ يَا مُنِيبُ
اللَّهُ يَا رَزَّاقُ يَا حَسِيبُ
Allah Duh Nu Maha Nyiptakeun, Nu Maha Nampi Tobat
Allah Duh Nu Maha Maparin Rejeki, Nu Maha Ngétang
اللَّهُ يَا قَرِيبُ يَا رَقِيبُ
الْمُسْتَعَانُ الْسَّامِعُ الْمُجِيبُ
Allah Duh Nu Maha Caket, Nu Maha Ngawaskeun
Tempat menta tulung, Nu Maha Ngadangu, Nu Maha Ngijabah
إِنَّا دَعَوْنَاكَ اسْتَجِبْ آمِينَا
Saéstuna sim kuring parantos neneda, mugi Gusti ngabulkeun, Amin