يَا أَجْمَلَ الْأَنْبِيَاء
Oh Most Beautiful of Prophets
Su
Su
يَا أَجْمَلَ الْأَنْبِيَاء
يَا أَكْمَلَ الْأَصْفِيَاء
Duh Gusti nu pangéndahna ti sakur Nabi
Duh nu pangsampurnana ti para jalma pilihan
يَا خَاتَمَ الرُّسْلِ مَا
أَحْلَاكَ فِي قَلْبِي
Duh Pamungkas para Rosul
kacida amisna anjeun dina jero haté
يَا ذَا الَّذِي نُسْخَةُ
الْأَكْوَانِ فِيْكَ مَطْوِيَّ
Duh anjeun anu naskah sakabéh alam
jeroeun anjeun karingkes tur kagulung
عَطِيَّةٌ أَزَلِيَّة
Paparin anu sipatna azali
أَنْتَ الَّذِي أُعْطِيتَ
الشَّفَاعَةَ الْوَافِيَّة
Anjeun pisan anu dipaparin
pitulung syafaat anu sampurna
وَ الْخَلْقُ حِينَئِذٍ
يَلْتَمِسُونَ الْأَنْبِيَاءْ
Nalika harita sakabéh makhluk
nangan paranti nyalindung ka para nabi
ثُمَّ يُقَالُ لِلْأَنَامْ
قَدْ نِلْتُمُ الْأُمْنِيَّة
Tuluy diucapkeun ka sakabéh manusa
saestuna maranéh geus meunang harepan
أَلَا اقْصِدُوْا مُحَمَّدًا
بَابَ الْإِلَهِ الْعَالِيَ
Pék tuju ka Kangjeng Nabi Muhammad
panto Gusti Allah nu Maha Luhur
آيَاتُهُ شَافِيَة
Tanda-tanda kaagunganana jadi ubar
وَهُوَ الْمُعَدُّ لَهَا
وَ ذُوَ الْثَنَاءِ الْوَافِيَ
Anjeunna anu parantos disadiakeun pikeun éta
sarta anu gaduh pujian anu sampurna
ثُمَّ يُنَادِي سَاجِدًا
يَا رَبِّ جُدْ رَاضِيَـا
Tuluy anjeunna sasambat bari sujud
Duh Gusti, paparin sarta mugi Ridho
يُنَادِي اشْفَعْ يَا حَبِيْبِ
يَا صَفْوَةَ الْأَصْفِيَاءْ
Digeroan: Méré syafaat wahai kakasih
duh anu pangsuci-sucina ti jalma pilihan
وَسَلْ تُعْطَى مَا تَرُوْم
وَلَا تَدَعْ عَاصِيَا
Pék penta pasti dipaparin naon nu dipiharep
sarta ulah nyesakeun jalma nu boga dosa
يَا صَفْوَةَ الْأَصْفِيَاءْ
Duh nu pangsuci-sucina ti para jalma pilihan
صَلُّوْا عَلَى مَنْ عَلَا
فَوْقَ السَّمَا رَاقِيَا
Mugi sholawat dilungsurkeun ka anjeunna nu luhur
unggah ka luhureun sakabéh langit
هذَا حَبِيْبٌ غَدًا
عَنَّا العَنَـا مَـاحِيَا
Ieu téh kakasih anu engké dina poé isuk
bakal mupus sagala kasusah ti diri urang
يَا رَبَّنَا عَطَّفْ عَلَيْنَا
قَلْبَهُ الزَّاكِيَا
Duh Gusti Pangeran abdi sadaya, mugi malikeun ka abdi
kadeudeuh haténa anu suci murni
وَاخْتِمْ لَنَا خِتَامَ مِسْكٍ
يَا مُجِيْبَ الدَّاعِيَا
Jeung pungkasan hirup abdi ku pungkasan seungit kasturi
duh Dzat anu ngabulkeun kana panyambat doa
بِالْأَسْرَارِ الذَّاتِـيـــة
Kalayan rupa-rupa rusiah anu dzatiyyah