هَذَا الْمَقَامُ الَّذِي لَاذَتْ بِهِ الْأُمَمُ
Ieu makom tempat nyalindungna umat-umat.
Su
هَذَا الْمَقَامُ الَّذِي لَاذَتْ بِهِ الْأُمَمُ
وَأَذْعَنَتْ لِعُلَاهُ الْعُرْبُ وَالْعَجَمُ
Ieu maqom tempat sakumna umat nyalindung
tur sakumna Arab jeung Ajam sumujud kana kaluhurannana
هَذَا مَقَامُ رَسُولِ اللَّهْ أَكْرَمُ مَنْ
جَاءَتْهُ مِنْ رَبِّهِ الْأَحْكَامُ وَالْحِكَمُ
Ieu maqom Rasulullah, mulyana jalmi
anu nampi hukum sareng hikmah ti Pangéranna
هَذَا مُحَمَّدُ الْهَادِي الَّذِي مُحِيَتْ
عَنَّا بِنُورِ هُدَاهُ الْظُّلْمُ وَ الْظُّلَمُ
Ieu Muhammad sang pituduh, anu ku cahaya hidayahna
sirna ti urang sagala rupa poékna dosa
هَذَا الَّذِي قَدْ سَمَا فَوْقَ الْسَّمَا
إِلَى مَقَامِ عِزٍّ تَنَاهَتْ دُونَهُ الْأُمَمُ
Ieu anjeunna anu luhur ngaluhuran langit
ka maqom mulya anu teu bisa dihontal ku umat séjénna
يَا سَيِّدِي يَا رَسُولَ اللَّهْ يَا أَمَلِي
يَا مَنْ أَلُوذُ بِهِ إِنْ زَلَّتِ الْقَدَمُ
Duh jungjunan, duh Rasulullah, duh harepan sim abdi
duh tempat nyalindung upami dampal sampéan titatatih
بِكَ اهْتَدَيْتُ إِلَى الْإِيمَانِ فَاتَّصَلَتْ
بِذَاكَ عِنْدِي مِنْ أَفْضَالِكَ الْنِّعَمُ
Ku wasilah salira abdi kénging iman
sahingga ngocor rupa-rupa ni'mat tina kaagungan salira
صَلَّى عَلَيْكَ إِلَهُ الْخَلْقِ مَا سَجَعَتْ
وَرْقٌ وَمَا هَطَلَتْ مِنْ سُحْبِهَا دِيَمُ
Muga Gusti nu nyipta alam maparin sholawat
salila manuk récét tur hujan ngagebrét ti méga