طَابَ لِي خَلْعُ عِذَارِي
Merenah Pikeun Kuring Ngaleupaskeun Kengkeng
Su
طَابَ لِي خَلْعُ عِذَارِي
فِي هَوَى الْبَدْرِ الْتَّمَامْ
Merenah keur kuring ngaleupaskeun kaisin
dina asmara ka bulan purnama anu sampurna
بِافْتِقَارِي وَانْكِسَارِي
أَرْتَجِيْ نَيْلَ الْمَرَامْ
Ku karumasaan sarta kahinaan diri kuring
kuring miharep bisa ngahontal harepan kuring
يَا عَذُوْلِي لَا تَلُمْنِي
مَا عَلَى الْعَاشِقُ مَلَامْ
Duh nu sok nyawad, ulah nyalahkeun kuring
sabab taya celaan pikeun jalma nu keur kasmaran
اُدْنُ مِنِّي وَارْوِ عَنِّيْ
أَنَا فِي الْعِشْقِ إِمَامْ
Geura deukeutan sarta caritakeun hal kuring
sabab kuring téh imam dina urusan cinta
خَمْرَةُ الْأَحْبَابِ تُجْلَ
هِيَ حِلٌّ لَا حَرَامْ
Inuman cinta para kakasih geus disajikeun
éta téh halal sarta lain perkara anu haram
مِنْ عُيُونِ الْعِيْنِ تُمْلَى
صَانَهَا الْبَرُّ الْسَّلَامْ
Diperas tina cinyusu mata cai anu hérang
dijaga ku Dzat Nu Maha Saé tur Maha Sejahtera
يَا أَخَا الْأَشْوَاقِ يَمِّمْ
سَيِّدَ الْرُّسْلِ الْكِرَامْ
Duh dulur nu pinuh ku kasono, geura tuju
ka pamingpin para Rasul anu kacida mulya
وَاغْنَمِ الْذِّكْرَ وَزَمْزِمْ
بِصَلَاةٍ مَعْ سَلَامْ
Raih éta dzikir sarta geura ngahariring
ku solawat sarta salam anu sampurna
لِحَبِيْبِ الله أَحْمَدْ
كُلَّمَا جَنَّ الْظَّلَامْ
Pikeun kakasih Allah, nyaéta Kangjeng Nabi Ahmad
salila peuting masih kénéh meredong poék
كُلُّ مَنْ وَالَاهُ يَسْعَدْ
وَيَنَالْ حُسْنَ الْخِتَامْ
Sing saha baé nu mikacinta ka manten-Na bakal bagja
sarta bakal meunang tungtung anu éndah