اَلـلَّـهُ يَـا اَلـلَّـه صَـلَّـى عَـلَـى الـزَّيْـن
Ya Allah ya Allah mugi maparin sholawat ka nu saé.
Su
اَلـلَّـهُ يَـا اَلـلَّـه
صَـلْـوا عَـلَـى الْـزَّيْـنِ
Gusti Allah, ya Allah
Kedalkeun sholawat ka nu pinunjul kasepna
طَـاطَـا الْـقَـمَـرْلِأَحْـمَـد
وَانْـشَـقَّ نِـصْـفَـيْـنِـى
Bulan sumujud ka Ahmad
Sarta beulah jadi dua bagian
أَبُـو بَـكْـرُ يَـا صِـدِّيـقْ
صَـاحِـبِ الْـنَّـبِـى وَرَفِـيـق
Duh Abu Bakar as-Siddiq
Sahabat sarta réncang satia Kangjeng Nabi
بِرُوحُهْ فَدَاهْ فِي الضِّيقْ
مِـنْ لَـدْغَـةِ الْـنِّـيـنِـى
Ku nyawana anjeunna nanggung kasisahan
Nahan peurahna pamatil oray demi anjeunna
لَـمَّـا عُـمَـرْ أَسْـلَـم
فَـرِحَ الْـنَّـبِـى وَتَـبَـسَّـم
Nalika Umar lebet Islam
Kangjeng Nabi bingah sarta imut
تَـبَـاشَـرَ الْإِسْـلَام
بِـدُخُـولِـهْ فِـي الْـدِّيـنِـى
Islam meunang béja kabungah
Ku lebetna anjeunna kana agama
عُـثْـمَـانُ يَـا عُـثْـمَـان
يَـا جَـامِـعَ الْـقُـرْءَان
Duh Utsman, ya Utsman
Duh anu ngumpulkeun ayat-ayat Al-Qur'an
صِـهْـرِ الْـنَّـبِـى الْـعَـدْنَـان
زَوَّجَـهُ بِـنْـتَـيْـنِـى
Minantu Nabi turunan Adnan
Anu nikahkeun dua putrina ka anjeunna
عَـلِـىُّ يَـا كَـرَّار
سَـيْـفُـكَ طَـوِيـل بَـتَّـار
Duh Ali, jawara nu luhung
Pedang anjeun panjang sarta seukeut pisan
يَـا هَـازِمَ الْـكُـفَّـار
قَـتَـلَ الْـمَـلَاعِـيـنِـى
Duh nu naklukkeun jalma kafir
Nu nelasan musuh-musuh nu dilaknat
جَـاتُـهْ الْـمُـرَبِّـيَـةْ
حَـلِـيـمَـةْ الْـسَّـعْـدِيَّـة
Sumping ibu nu ngarorona
Halimah as-Sa'diyyah jenenganana
قَـالَـتْ وَهَـبُـوةْ لِـيَـا
يَـا رَبِّ هَـنِّـيـنِـى
Pokna, "Sanggakeun anjeunna ka abdi
Duh Gusti, paparin kabagjaan ku anjeunna"
جَـالُـه الْـجَـمَـل جَـالُـه
يَـزْحَـف عَـلَـى عِـقَـالُـه
Unta sumping nyampeurkeun anjeunna
Ngarayap bari nanggung tali kancalana
لَـمَّـا جَـالُـه جَـمَـالُـه
سَـلِّـم عَـلَـى الـزَّيْـنِـى
Nalika neuteup cahaya kasepna
Uluk salam ka anjeunna nu pinunjul