مَعَانِي قَدْ بَدَتْ عِنْدِي غَرِيبَهْ
Ma'na-ma'na nu ahéng geus nembongan ka kuring
Su
Su
مَعَانِي قَدْ بَدَتْ عِنْدِي غَرِيبَهْ
وَمَا تُفْضِي إِلِيْهْ بَعْدُ أَغْرَبْ
Ma'na-ma'na geus némbongan ka kuring kalayan ahéng
jeung naon nu bakal dituju sanggeusna leuwih ahéng deui
مِنَحْ مِنْ فَضْلِ مَوْلَانَا عَجِيبَهْ
وَمَاذَا فِي عَطَاهُ لَيْسَ أَعْجَبْ
Paparin ti kaasih Gusti urang téh kacida ahéngna
naha aya dina paparin-Na nu henteu matak takjub?
وَعِيدُ الْصَّبِ أَنْ يَلْقَى حَبِيبَهْ
وَسُبْحَانَ الَّذِي قَرَّبْ وَحَبَّبْ
Kabagjaan nu mikacinta nyaéta patepang jeung nu dipikaasihna
Maha Suci Zat nu geus nyaketkeun sarta melak rasa cinta
مَعِي أَقْوَامْ فِي أَعْلَى كَتِيبَهْ
لَهُمْ أَسْرَارْ لَا تُحْصَى وَتُكْتَبْ
Bareng kuring aya kaum dina darajat nu pangluhurna
maranéhna boga rusiah nu teu kaitung jeung teu bisa ditulis
مَوَاهِبْ عَالِيَةْ مَا هِيْ كَسِيبَهْ
وَإِحْسَانُ الْمُهَيْمِنْ لَيْسَ يُحْسَبْ
Pirang-pirang kurnia nu luhur lain hasil tina ihtiar
sabab kahadéan Gusti Nu Maha Nangtayungan moal bisa kaitung
وَمَنْ لُهْ سَابِقَهْ يُدْرِكْ نَصِيبَهْ
مُوَفَّى دُونَ أَنْ يَشْقَى وَيَتْعَبْ
Sing saha nu geus boga katangtuan tiheula bakal meunang bagianana
ditedunan kalayan sampurna tanpa kudu susah jeung capé
وَنَفْحَةُ بَاسِطِ الْنَّعْمَى قَرِيبَهْ
تَعَرَّضْ يَا فَتَى مِنْهَا تَقَرَّبْ
Jeung tiupan rahmat ti Nu Maha Jembar geus deukeut
papag ku anjeun wahai pamuda sarta pék geura nyaket
عَسَى الْمَكْلُومْ أَنْ يَلْقَى طَبِيبَهْ
فَيُضْحِي الْعِيْشْ لُهْ أَطْيَبْ وَأَطْيَبْ
Muga-muga nu raheut haténa téh panggih jeung nu ngubaranana
sahingga hirupna jadi leuwih nikmat jeung leuwih éndah
وَصَلَّى اللهُ مَا أَفْهَامٌ نَجِيبَهْ
وَعَتْ قَوْلاً بِمَاءِ الْعَيْنِ يُكْتَبْ
Muga Sholawat Allah tetep salami akal-akal nu mulya
ngarti kana cariosan nu pantes ditulis ku cisoca
عَلَى خَيْرِ الْوَرَى الْهَادِي حَبِيبِهْ
وَآلِهْ وَالَّذِي لِلْطُّهْرِ يَصْحَبْ
Kasanggakeun ka panghadéna mahluk, Sang Panungtun nu dipikaasih-Na
sarta kulawargana jeung sakabéh jalma nu nyarengan dina kasucian