ْيَاجَمَالُه
Oh, How Beautiful He Is!
Su
آه يَا جَمَالُه يَا جَمَالُهْ
سِيدْنَا النَّبِى يَا جَمَالُهْ
Duh kacida kasepna anjeunna, duh kasepna!
Duh kacida kasepna anjeunna, duh kasepna!
سِيدْنَا النَّبِى يَا جَمَالُهْ
Jungjunan urang Kangjeng Nabi, duh kasepna!
كَحِيلُ الطَّرْفِ حَبِيبِي لَوْ تَرَاهُ
ضَحُوكُ السِّنِّ لِلْعَاشِقِ رَمَاهُ
Socana dipulas sipat, deudeuhan sim kuring upami anjeun ningal
Imutna ngajantenkeun nu mikacinta kasengsrem ku asmara
بَهِيُّ الطَّلْعَةْ فَالْمَوْلَى اصْطَفَاهُ
وَكُلُّ الْخَلْقِ أَنَارَ بِنُورِ طه
Cahayaan rupana, Gusti Nu Maha Suci milih anjeunna
Sakumna mahluk caang ku cahayana Thaha
وَلَا ظِلُّ لَهُ بَلْ كَانَ نُوْرَا
تَنَالَ الشَّمْسُ مِنْهُ هُوَ الْبُدُوْرَ
Anjeunna teu ngagaduhan kalangkang, nanging cahaya
Panonpoé nyandak cahayana ti anjeunna, anjeunna téh bulan purnama
وَلَمْ يَكُنِ الْهُدَى لَوْلَاهُ ظُهُوْرَا
وَ كُلُّ الْكَوْنِ أَنَارَ بِنُوْرِ طَــــــهَ
Tanpa anjeunna moal aya pituduh anu medal
Sakuliah jagat raya caang ku cahayana Thaha
وَكَفُّ الْمُصْطَفَى كَالْوَرْدِ نَادِى
وَعِطْرُهَا يَبْقَى إِذَا مَسَّتْ أَيَادِى
Dampal panangan Al-Musthafa lir mawar anu seger
Seungitna nyesa dina panangan anu nyabakna
وَعَمَّ نَوَالُهَا كُلَّ الْعِبَادِ
حَبِيبُ اللهِ يَا خَيْرَ الْبَرَايَا
Kabagjaanana nerekab ka sakumna hamba
Duh Kakasih Allah, duh pangsaéna mahluk!
وَرِيقُ الْمُصْطَفَى يَشْفِي الْعَلِيلَ
وَعَيْنُ قَتَادَةَ خُذْهَا دَلِيلًا
Ciduh Al-Musthafa nyageurkeun anu gering
Socana Qatadah mangrupa saksi buktina
تَفَلَ فِي الْبِئْرِ أَضْحَتْ سَلْسَبِيلًا
وَصَارَ لِصَحْبِهِ شَهْدًا مُدَامًا
Anjeunna nyiduh kana sumur, janten sumber cai nu ngocor
Sarta kanggo para sahabatna janten madu nu terus amisna