بَادِرْ لَقَدْ فَاتَتْكَ الْغَنَائِمْ
Geura! Geus Kaliwat Harta Rampasan ti Anjeun
Su
بَادِرْ لَقَدْ فَاتَتْكَ الْغَنَائِمْ
تَقَاسَمُوهَا وَأَنْتَ نَائِمْ
Enggalan! Saestuna harta rampasan parantos kaliwat
Maranehna ngabagi-bagikeunana sarta anjeun nuju sare tibra
وَلَوْ رَأَيْتَ الَّذِينَ فَازُوا
نُحْتَ كَمَا نَاحَتِ الْحَمَائِمْ
Upami anjeun ningali jalma-jalma nu parantos baragja
Tinangtu anjeun bakal nangis lir ceurikna japati
إِنْ رُمْتَ أَلَّا تَكُونَ نَادِمْ
قُمْ لِحَبِيبِ الْقُلُوبِ لَازِمْ
Upami anjeun hoyong supados henteu kaduhung
Geura hudang sarta raketkeun diri ka Kakasih hate
وَلَازِمِ الْبَابَ يَا مُعْنَّى
إِنَّ الْسَّعِيدَ الَّذِي يُلَازِمْ
Geura raketkeun kana Panto, duh jiwa anu nandang lara
Karana saestuna jalma nu bagja teh nyaeta anu tumetep
مَنْ لَازِمَ الْبَابَ نَالَ قُرْبا
وَفَازَ بِالْأَجْرِ وَالْغَنَائِمْ
Sing saha nu tumetep dina Panto bakal kenging kadeukeutan
Sarta bakal untung ku ganjaran jeung harta rampasan
وَلَا تَنَمْ سَاعَةَ الْتَّجَلِّي
فَلَيْسَ يَحْظَى بِالْأَجْرِ نَائِمْ
Jeung ulah anjeun sare dina waktu tajalli
Sabab moal kenging ganjaran jalma anu nuju sare tibra
قَدْ جَرَحَتْ قَلْبِيَ الْخَطَايَا
وَلَسْتُ أَلْقَى لَهَا مَرَاهِمْ
Saestuna dosa-dosa parantos natuan kana hate sim kuring
Sarta sim kuring henteu manggihan landong pikeun eta tatu
سِوَى الْرِّضَا مِنْكَ يَا إِلَهِي
يَا وَاسِعَ الْجُودِ وَالْمَكَارِمْ
Anging karidoan ti Gusti, duh Pangeran abdi
Duh Dzat nu jembar kamurahan sarta kamulyaanana
وَقَدْ تَوَسَّلْنَا يَا إِلَهِي
بِسَيِّدِ الْعَرَبِ وَالْأَعَاجِمْ
Jeung saestuna sim kuring tawasul ka Gusti, duh Pangeran
Kalayan perantara dunungan urang Arab sareng urang Ajam
نَبِيِّنَا الْمُصْطَفَى الْتِّهَامِي
مَنْ جَاءَ لِلْأَنْبِيَاءِ خَاتَمْ
Nabi urang sadaya, Al-Musthofa anu asalna ti Tihamah
Anu sumping salaku panutup para nabi