صَلَّى عَلَيْكَ اللَّهُ يَا عَدْنَانِ
Mugia Allah maparin rahmat ka anjeun, duh Adnan.
Su
صَلَّى عَلَيْكَ اللَّهُ يَا عَدْنَانِ
يَا مُصْطَفَى يَا صَفْوَةَ الْرَّحْمَٰنِ
Mugia Allah maparin rohmat ka anjeun wahai Adnan
Wahai Al-Musthafa, wahai pilihan Nu Maha Welas
الْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِي أَعْطَانِي
هَذَا الْغُلَامَ الْطَّيِّبَ الْأَرْدَانِ
Sagala puji kagungan Allah nu parantos maparin ka abdi
ieu budak pameget anu bersih tur mulia akhlakna
قَدْ سَادَ فِي الْمَهْدِ عَلَى الْغِلْمَانِ
أُعِيذُهُ بِالْبَيْتِ ذِي الْأَرْكَانِ
Anjeunna parantos unggul di jero ayunan kénéh ti barudak séjénna
abdi nyuhunkeun panyalindungan pikeun anjeunna ka Baitullah nu gaduh rukun-rukun
حَتَّى أَرَاهُ بَالِغَ الْبُنْيَانِ
أَنْتَ الَّذِي سُمِّيتَ فِي الْقُرْآنِ
Dugi ka abdi ningal anjeunna sawawa tur tegep dedeganana
anjeun téh jalma anu jenenganana disebut dina Al-Qur'an
أَحْمَدُ مَكْتُوبٌ عَلَى الْجِنَانِ
صَلَّى عَلَيْكَ اللَّهُ فِي الْأَحْيَانْ
Jenengan Ahmad tinulis dina taman-taman sawarga
mugia Allah maparin rohmat ka anjeun dina unggal mangsa
أَحْمَدُهُ فِي الْسِّرِّ وَالْإِعَلْأَنِ
حَقًّا عَلَى الْإِسْلَامِ وَالْإِيمَانِ
Abdi muji ka Gusti dina rasiah atanapi nembrak
kalayan bener-bener dina jalan Islam sareng kaimanan
يَا رَبَّنَا بِالْمُصْطَفَى الْعَدْنَانِ
اغْفِرْ ذُنُوبِي ثُمَّ أَصْلِحْ شَأْنِي
Duh Gusti Pangéran abdi, demi Al-Musthafa turunan Adnan
mugia ngahampura dosa abdi sarta ngalereskeun sagala urusan abdi