لِغَيْرِ جَمَالِكُمْ نَظَرِي حَرَامُ
Lian ti ka kageulisan salira, haram paneuteup sim kuring.
Su
لِغَيْرِ جَمَالِكُمْ نَظَرِي حَرَامُ
وَغَيْرُ كَلَامُكُمْ عِنْدِي كِلَامُ
Ka lian ti kageulisan salira paningal sim abdi haram
sarta salian ti cariosan salira mah taya hartina
وَعُمْرُ الْنَّسْرِ مِنْكُمْ بَعْضُ يَوْمٍ
وَسَاعَةُ غَيْرِكُمْ عَامٌ فَعَامُ
Yuswa heulang nu bareng salira ukur sakedapan
tapi sajam bareng nu sanés mah asa mangtaun-taun
وَصَبْرِي عَنْكُمُ شَيْءٌ مُحَالٌ
وَمَا لِي قَاتِلٌ إِلَّا الْفِطَامُ
Kasabaran sim abdi nebihan salira téh pamohalan
sarta taya nu bakal maéhan sim abdi iwal papisahan
إِذَا عَايَنْتُكُمْ زَالَتْ هُمُومِيْ
وَإِنْ غِبْتُمْ دَنَا مِنِّيْ الْحِمَامُ
Nalika sim abdi neuteup salira sirna sagala kabingung
sarta upami salira tebih maut nyampeurkeun sim abdi
أَوَدُّ بِأَنْ أَكُونَ لَكُمْ جَلِيسًا
وَتُنْصَبَ لِي بِرَبْعِكُمُ خِيَامُ
Sim abdi miharep tiasa janten rerencangan salira
sarta didegkeun kemah keur sim abdi di lingkungan salira
فَدَاوُوا بِالْوِصَالِ مَرِيضَ هَجْرٍ
يَهِيمُ بِكُمْ إِذَا سَجَعَ الْحَمَامُ
Landongan ku patepang nu udur tina papisahan
nu kasmaran ku salira nalika japati keur ngahariring
حَدِيثُ غَرَامِهِ فِيكُمْ قَدِيمٌ
وَمَلْبَسُهُ مِنَ الْحُبِّ الْسِّقَامُ
Carita asmara ka salira téh parantos lami
sarta anggoan tina rasa cinta téh nyaéta panyawat
فَأَنْتُمْ فِي الْأُصُولِ أَجَلُّ أَصْلٍ
إِذَا شِئْتُمْ تَحَصَّلَ لِي الْمَرَامُ
Salira téh dina asal-usul mah mangrupa asal nu pangmulyana
upami salira kersa tanwandé sagala pamaksadan laksana
بِكُمْ صَعْبُ الْأُمُورِ يَعُودُ سَهْلًا
فَبِالْإِحْسَانِ جُودُوا يَا كِرَامُ
Ku salira sagala urusan nu sesah janten gampil
muga maparin kabéréhan ku kasaéan duh nu mulya
وَلَيْسَ سِوَاكُمُ لِلْجُودِ أَهْلًا
فَكَيْفَ نَزِيلُ سُوحِكُمُ يُضَامُ
Teu aya deui nu pantes béréhan iwal ti salira
naha piraku tamu di pakarangan salira meunang kanyeri